Pakeman Basa
PAKEMAN BASA Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik. Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta : 1. Paribasa 2. Babasan 3. Cacandraan 4. Uga 5. Rakitan lantip 6. ...